Ku : H. U. Suhendar, M.Ag
يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا لاَ تَتَّخِذُوا بِطَانَةً مِّن دُونِكُمْ لاَ يَأْلُونَكُمْ خَبَالاً وَدُّوا مَاعَنِتُّمْ قَدْ بَدَتِ الْبَغْضَآءُ مِنْ أَفْوَاهِهِمْ وَمَا تُخْفِي صُدُورُهُمْ أَكْبَرُ قَدْ بَيَّنَّا لَكُمُ اْلأَيَاتِ إِن كُنتُمْ تَعْقِلُونَ {118} هَاأَنتُمْ أُوْلآَءِ تُحِبُّونَهُمْ وَلاَ يُحِبُّونَكُمْ وَتُؤْمِنُونَ بِالْكِتَابِ كُلِّهِ وَإِذَا لَقُوكُمْ قَالُوا ءَامَنَّا وَإِذَا خَلَوْ عَضُّوا عَلَيْكُمُ اْلأَنَامِلَ مِنَ الْغَيْظِ قُلْ مُوتُوا بِغَيْظِكُمْ إِنَّ اللهَ عَلِيمُُ بِذَاتِ الصُّدُورِ {119}
Hé jalma-jalma anu ariman, poma aranjeun ulah rék milih sobat di luar lingkungan aranjeun lantaran maranéhanana (anu aya di luar) terus-terusan nyieun kamadaratan pikeun aranjeun. Maranéhanana miharep sangkan aranjeun salawasna susah. Sabenerna geus témbong kaceuceub anu kaluar tina biwir maranéhanana sarta anu nyamuni di j[ero haté maranéhanana mah leuwih rongkah. Satemenna Kami geus ngajéntrékeun pirang-pirang ayat lamun seug maranéh malikir mah (118). Tah kitu, aranjeun mikacinta ka maranéhanana (kalangan Yahudi) padahal maranéhanana mah teu resepeun ka kaum muslimin jeung aranjeun iman kana kitab sakabéhna jeung lamun maranéhanana papanggih jeung aranjeun (jalma anu iman) maranéhna kedal ucap: ”Kuring ogé ariman jeung upama nyingkah ti aranjeun maranéhanana ngégél tungtung ramo lantaran kaceuceub ka aranjeun. Kedalkeun ku aranjeun: ”Geura paraéh maranéh lantaran kaceuceub maranéh sorangan. Satemenna Allah Maha Uninga kana naon anu baya dina jero haté.
A. Tafsir Mufrodat.
1. Yâ ayyuha lladzîna âmanû. Hé jalma-jalma anu ariman, lâ tattakhidzû poma aranjeun ulah rék milih atawa ngajadikeun, bithânatan sobat dalit atawa jalma anu dipasrahan kepercayaan, min dûnikum di luar lingkungan aranjeun jalma-jalma anu ariman, lâ ya’lûnakum khobâlâ lantaran maranéhanana mah anu aya di luar kalangan kaum muslimin terus-terusan nyieun kamadaratan pikeun aranjeun. Waddû mâ ‘anittum Maranéhanana miharep sangkan aranjeun kaum muslimin salwasna susah. Qod badatil baghdlôa Sabenerna geus témbong kaceuceub, min afwâhihim anu kaluar tina biwir-biwir maranéhanana, wa mâ nukhfie shudûruhum akbaru sarta anu nyamuni dina jero haté maranéhanana mah leuwih rongkah. Qod bayyanna lakum Satemenna Kami geus ngajéntrékeun ka aranjeun, al-âyâti pirang-pirang ayat jeung katerangan anu dijéntrékeun ku Allah, in kuntum ta’qilûna lamun seug maranéh malikir mah (118).
Panggero ya ayyuhalladzîn âmanu mertélakeun yén anu digero téh kaum muslimin anu imanna labil kénéh, luak-léok lir ibarat pucuk awi katebak angin bari lamun ngagunakeun ayyuhalmu’minûn nuduhkeun anu digerona téh kaum muslimin anu geus panceg kayakinanana. Kecap bithânath harti asalna mah baju ipis atawa kaos sangsang anu sok dipaké saméméh maké baju. Kaos sangsang atawa CD anu pangapalna kana kaayaan awak urang lantaran napel langsung teu kahalangan ku naon-naoan. Ayat di luhur ngagunakeun gaya bahasa Isti’aroh anu maksudna mah: ”Poma aranjeun ulah rék milih sobat dalit atawa pamingpin di luareun kaum muslimin nepika rasiah jeung kakurangan urang kanyahoan ku maranéhanana.
2. Hâ antum ulâi , tah kitu atawa naha bet kitu sikep téh? Reureujeungan jeung jalma-jalma kafir. Huruf Hâ lita’ajjub jeung Istifham heran anu redaksina nalék. tuhibbûnahum aranjeun kaum muslimin mikacinta ka maranéhanana kalangan Yahudi jeung Nashrani, wa lâ yuhibbûnakum padahal maranéhanana mah teu resepeun ka kaum muslimin, wa tu’minûna bilkitâbi jeung aranjeun iman kana kitab sakabéhna anu diturunkeun ka para Nabi bari maranéhanana mah teu percaya kana al-Qur’an, wa idzâ laqûkum jeung lamun maranéhanana papanggih jeung aranjeun jalma anu iman, qâlû maranéhna kedal ucap: ”Ămannâ Kuring saréréa ogé ariman, wa idza kholao jeung lamun nyingkah ti aranjeun, ‘adzdzû ‘alaikum alanâmila maranéhanana ngégél tungtung ramo lantaran, minalghoidlo lantaran kaceuceub ka aranjeun. Qul, ucapkeun ku anjeun Muhammad ka maranéhanana: ”Mûtû bighoidhikum Geura paraéh maranéh lantaran kaceuceub maranéh sorangan. Innallâha ‘alîmun bidzâtishshudûri Satemenna Allah Maha Uninga kana naon anu aya di jero haté .
Redaksi adzdzû ‘alaikum alanâmila mangrupa kinayah tina kakeuheul pacampur jeung kaceuceub tapi teu wani ngalawan saperti jalma anu meureupan dina jero saku calana. Ari redaksi Mûtû bighoidhikum ngagunakeun gaya basa tahdid panyungkun nu hartina sok sanajan jalma-jalma kafir mikaceuceub ka kaum muslimin kabawa paéh moal matak mareuman sumanget jihad di jalan Allah.
B.Tafsir Ayat.
1.Munasabatul Ayat.
Kasaluyuan ayat di luhur jeung ayat saméméhna nyaéta dina ayat 116 jeung 117 dijéntrékeun yén jalma-jalma kafir bakal terus-terusan ngagolontorkeun bantuan mangrupa sandang pangan jeung naon waé anu dibutuhkeun ku kaum muslimin nepika kaum mulimin bakal kataji jeung kahutangan budi sarta jalma kafir dianggap baraya anu buméla lahir batin.
2.Sabab Nuzul Ayat.
Ibnu Jarir Ath-Thabari jeung Ibnu Ishaq ngajelaskeun hadits ti Ibnu Abbas yén ayat di luhur turun patali jeung kasus sakolompok jalma ti kaum muslimin anu ngayakeun gawé bareng jeung urang-urang Yahudi saperti nalika jahiliyah. Aya kamelang ti para shahabat anu séjén sok sieun persahabatan ngabuah musibah anu leuwih rongkah. Nya turun ayat di luhur.
3.Bayân Ayat.
Ayat 118 ngeusi panggeuing ka kaum muslimin anu imanna masih kénéh labil anu masih kénéh reureujeungan paheuyeuk-heuyeuk leungeun jeung kalangan Yahudi jeung Nashroni dina sagala urusan. Urang Yahudi jeung Nashroni mah ngabudi ucing, soméah jeung balabahna lain dasarna kaihlasan tapi néangan malaweungna kaum muslimin. Kaceuceub kalangan Yahudi jeung Nashrani dibongkar dina ayat 118, lamun téko dieusian kopi tangtu kaluarna cikopi sarta lamun ucap anu kaluar tina biwir Yahudi kaceuceub dina jerona mah leuwih rongkah kaceuceubna. Panungtung ayat diantebkeun ku in kuntum ta’lamûn. Mertélakeun yén soléh wungkul teu cukup tapi soléh ogé kudu cerdas, uteuk motékar sing éncér, lamun soléh bodo pasti katipu.
Ayat 119 masih ngageuing ka kaum muslimin ku gaya basa istifham ta’ajjubn inkari. Lamun ditarjamah-bébaskeunmah: ’Naha bet daék reureujeungan jeung Yahudi atawa Nashroni bari némbongkeun kacinta ka maranéhanana kalayan alesan demi kemanusiaan padahal maranéhanana mah teu boga prikemanusiaan. Ayat 119 ngélingan sangkan ulah kadéoh ku propaganda amis, némbongkeun simpati ka kaum muslimin ku ngucapkeun ucapan Selamat Idul fitri, ngirim bantuan padahal eusina racun. Panungtung ayat 119 ngeusi tauhid yén Allah Maha Uninga kana naon anu aya dina haté jalma.
4.Fiqh Hayat.
Nabighoh Addibyani salah saurang penyair muslim kungsi nganaséhatan: ”Ida roata nuyûba allaitsi bârizatan falâ tadhunnu annahu mubtasim anu hartina lamun urang hiji waktu ningali singa némbongkeun huntuna kahadé ulah dianggap seuri soméah. Lamun aya jalma kafir suranyéh maparin bantuan ulah dianggap soméah tapi tetep haténa neundeun kaceuceub anu teu bisa dileungitkeun sok sanajan nepi ka paraéh. Ku urang kasakseni nalika Sadam Husén Presiden Irak jeung Burhanuddin Rabbani ti Afganistan dirogahala ku Amérika jeung balad-baladna dibantuan ku kaum muslimin anu kadéoh ku propagandana alatan anjeunna nyumputkeun senjata pemusanah massal. Nepi ka maotna éta senjata teu kapanggih da memang teu aya. Standar ganda anu dilarapkeun ku Amérika jeung balad-baladna némbongkeun pahlawan ngabasmi téroris al-Qaida anu sabenerna mah rék ngarampog minyak jeung kakayaan bumi Irak jeung Afganistan. Kiwari muncul perlawanan kana kadholiman Yahudi jeung balad-baladna anu ngagabung dina kelompok ISIS anu diblow up ku média Yahudi jeung balad-baladna dianggap kelompok téroris anu paling bahaya. Pangéran Diponogoro ceuk urang mah anjeunna pahlawan tapi ceuk Walanda jeung balad-baladna mah téroris. Ceuk iklan Sosis mah: ”Mikirrr! Mudah-mudahan babalik pikir. Cag! *** Rohangan Tafsir Qur'an Majalah Basa Sunda Bina Da'wah