HIJI lalaki béak karep muji sobatna. Harita Umar bin Khoththob ngupingkeun sarta pok nalék, “Naha andika henteu kaleuleuwihi nyaritakeun kahadéan si Pulan téh?”
“Henteu pisan-pisan kaleuleuwihi sabab kitu buktina”, waler éta jalma. “Dimana andika amprok jeung si Pulan anu dianggap paling hadé jeung paling takwa téh?” “Di masjid, kuring sering panggih jeung manéhna di masjid”.
“Kajujuran hiji jalma henteu bisa diukur ku alatan manéhna sering ka masjid, kajujuran mah saukur bisa diuji nalika meunang amanat jeung titipan ti Allóh”.
Nyaritakeun amanat saperti anu disaurkeun Umar bin Khoththob, khotib émut kana dawuhan Rosul, anu nyebatkeun yén iman téh loba tingkatanana, ti ukur ngucapkeun dua kalimah syahadat nepi ka anu pangluhurna tur pangbeuratna nyaéta ngajaga jeung ngalaksanakeun amanat.
Dawuh Allóh dina hadits Qudsi, “Hé Adam, saéstuna Kaula geus nawarkeun amanat ka langit jeung ka bumi, tapi maranéhna embungeun. Naha hidep sanggup nanggungna, kalayan sagala balukarna?”
“Naon hak abdi upama bisa nanggung éta amanat?”
“Upama hidep sanggup nanggungna, hidep bakal meunang ganjaran, tapi upama hidep ngalalaworakeunna, hidep bakal disiksa”.
“Mangga, abdi narima, kalayan sagala risiko jeung balukarna”. Waler Adam.
Henteu lila ti harita, antara waktu shubuh jeung ashar aya kajadian Sétan ngagoda Adam saperti anu kaunggel dina surat al-Baqoroh anu nyababkeun Adam kaluar ti Sawarga. Naon ari amanat? Tina hadits Qudsi nembé sababaraha ulama ngedalkeun pamanggihna. Aya anu nyebutkeun yén amanat anu dimaksud ku hadits Qudsi tadi nyaéta tauhid, lá iláha illa Allóh. Aya deui anu nyebatkeun amanat didinya mah élmu. Aya ogé anu napsirkeun kaadilan tug nepi ka anu nyebutkeun akal pikiran.
Imam al-Ishfahání mufassir kahot, milih akal pikiran salaku harti anu leuwih deukeut kana bebeneran. Demi numutkeun anjeunna, saukur akal anu bisa mahamkeun tauhid. Akal bisa nanjeurkeun kaadilan, bisa manggihan sagala rupa élmu pangaweruh, jeung ku akal ieu manusa jadi leuwih punjul batan mahluk-mahluk Allóh séjénna. Aya deui anu napsirkeun amanat téh agama, kata’atan jeung tuhuna ka Allóh SWT. Saperti sholat, shaum tug nepi ka harta katut awéwé ogé amanat. Ibnu Katsir nyebatkeun, yén sakabéh pamadegan tadi téh bener, anu pangacianna mah talkíf atawa ngalarapkeun hukum jeung palaturan Pangéran anu kudu dilaksanakeun kalayan sagala rupa risikona. Lamun éta tanggung jawab dilaksanakeun nya geus pasti bakal meunang ganjaran, sawangsulna, upama dilalaworakeun bakal disiksa, saur Ibnu Katsir.
Tétéla, amanat téh nyaéta sagala perkara hukum jeung katangtuan Allóh anu ditanggungkeun kana taktak manusa. Hadits Qudsi tadi raket patalina jeung dawuh Allóh anu kaunggel dina surat al-Ahzab (33) ayat 72:
“Saéstuna Kami geus nawarkeun amanat ka langit jeung ka bumi katut ka gunung-gunung, tapi maranéhna embungeun, jeung aringgiseun narimana. Nya amanat téh ditanggung ku manusa. Saéstuna mémang manusa mah zholim jeung jahil pisan”.
Ngeunaan Allóh SWT nawarkeun ka Adam anu kaunggel dina ayat tadi, sababaraha ulama ngasongkeun pamanggihna. Maranéhna napsirkeun yén éta tawaran téh ditémbongkeun sacara hakiki. Tangtuna ogé, némbrakeun perkara anu ghoib jadi bungkeuleukan, numutkeun kawasa sareng irodah-Na kanggo Allóh SWT mah henteu mustahil. Saéstuna Allóh Maha Kawasa kana sagala perkara. Ulama séjénna ngasongkeun pamanggihna, yén tawaran anu sipatna amanat téh mangrupa kiasan (majazi), anu sok sanajan henteu katémbong bungkeuleukan, bisa dilarapkeun jeung tetep kaharti. Al-Quranul Karim dugika sababaraha kali nyabit-nyabit ieu amanat, saperti:
“….. jeung lamun seug ti antara maranéh geus silih percaya mah atuh anu disérénan amanat téh kudu nyumponan amanatna…”. (al Baqoroh : 283).
“Satemenna Allóh nimbalan ka maranéh sangkan maranéh nepikeun amanat ka anu boga hak narimana…..”. (an Nisa : 58).
“Hé jalma-jalma anu ariman! Poma maranéh ulah hianat ka Allóh katut ka Rosul-Na, jeung ulah hianat kana amanat-amanat (anu dipercayakeun) ka maranéh, bari maranéh nyaho”. (Al Anfal : 27).
Rosulullóh SAW ngadawuh, “Henteu iman jeung teu sampurna kaimanan hiji jalma anu henteu nyekel deleg amanat”.
Tina ayat katut hadits tadi, écés yén amanat téh hiji perkara anu beurat. Tikoséwad saeutik tina anu dimaksud, hiji jalma bisa tigebrus kana hianat. Dina hirup kumbuh sapopoé urang bisa ningali perkara anu diamanatkeun ka Allóh SWT ka urang, nyaéta:
Élmu pangaweruh anu dipaparinkeun Allóh SWT téh mangrupa salasahiji amanat Allóh SWT anu kalintang penting. Naha urang geus ngamangpaatkeun éta élmu luyu jeung amanat Mantenna, nyaéta ku ngamalkeun, ngajarkeun, jeung népakeun ka nu séjén pikeun kapentingan jalma loba. Islam meunteun jalma anu boga élmu kakara boga kualitasna di payuneun Allóh SWT, upama ngamalkeun élmuna. Al-Quran ngalandi jalma anu nyaho tapi henteu daék ngamalkeunna ku landian al maghdlúb, anu dibendon. Jeung jalma anu nyumputkeun élmu nalika dibutuhkeun, Allóh SWT bakal nyumputkeun élmu-Na ti éta jalma.
Kusabab kitu, Rosulullóh SAW nganjurkeun pikeun terus ngadu’a; “Abdi nyalindung diri ka Gusti tina élmu anu henteu aya mangpaatna”.
Salajengna, wewenang, kalungguhan, kasab atawa tempat urang nyiar kipayah, éta ogé amanat ti Allóh SWT. Naha ku urang geus dicumponan sakumaha mistina? Sok sanajan urang saukur buburuh atawa pagawé handap di hiji tempat, éta ogé ngarupakeun amanat ti Allóh SWT.
Amanat anu aya pakaitna jeung wewenang katut kapamingpinan ngingetkeun urang kana hiji waleran Rosulullóh SAW ka Shohabat Abu Dzar RA. Nalika anjeunna meredih, “Ya Rosulallóh, sérénkeun ka abdi kasempetan pikeun nanggung wewenang jeung kapamingpinan”.
Harita Kangjeng Rosul SAW ngawaler, “Saéstuna andika mah lemah, satiap kalungguhan jeung kapamingpinan téh amanat ti Allóh. Jeung satiap jalma anu dipaparin kadudukan jadi mingpin, tinangtu manéhna bakal nandangan kasangsaraan, katunggaraan jeung kahanjakalan, anging jalma anu nyokot jeung mawana ku cara anu bener jeung saba’da jadi pamingpin bisa nyumponan tugasna kalawan hadé”.
Rosulullóh SAW kantos mépélingan, “Dagoan ku arandika kahancuranana, dagoan ku arandika kahancuranana!”
Dina hadits séjén Rosul SAW ngadawuh, “Sing saha anu ngangkat hiji jalma pikeun ngokolakeun urusan umat, padahal manéhna nyaho aya jalma anu leuwih payus pikeun nyekel éta kalungguhan, manéhna temen geus hianat ka Allóh, ka Rosulullóh katut kaom muslimin sakumna”.
Pon kitu deui jadi pamajikan atawa salaki, anu dijodokeun Allóh SWT ka urang, éta ogé amanat ti Allóh SWT. Naha urang geus nyumponan hak jeung kawajiban urang salaku pamajikan, salaki atawa bapa? Dawuh Rosul SAW, “Panghadé-hadéna jalma di antara maranéh nyaéta jalma anu paling hadé ka kulawargana”.
Satiap jalma, kaasup anu jadi salaki lain ukur boga kawajiban pikeun nyumponan hak jeung bebeneran, tapi ogé boga kawajiban pikeun nanjeurkeun hak jeung bebeneran di kulawargana. Urang lain ukur boga kawajiban ngadegkeun sholat, tapi ogé wajib ngada’wahkeun sholat ka anak pamajikan jeung anggota kulawarga. Lain saukur boga kawajiban pikeun jujur, tapi wajib ngatik batur jeung kulawarga sangkan jadi jalma anu jujur.
“Sing ati-ati”, kitu dawuh Allóh SWT, “Poma maranéh ulah ngajadikeun istri jeung kulawarga maranéh jaga jadi musuh gerot maranéh, ku alatan maranéh henteu bisa nyumponan amanat maranéhna”.
Rosulullóh SAW terus-terusan nandeskeun, “Anak maranéh téh amanat ti Allóh, turunan maranéh téh amanat ti Allóh. Maranéh lain saukur diri wungkul kudu tanggung jawab ka Allóh tapi ogé amal sholéh jeung amal salahna anak turunan maranéh”.
Anak turunan téh amanat ti Allóh SWT, pon kitu deui imah anu dicicingan, pakéan anu dipaké, harta pakaya nu dipaké sapopoé, éta kabéh amanat ti Allóh SWT. Naha éta kabéh ku urang dimangpaatkeun kalawan samistina, naha urang geus ngabalanjakeun ku cara anu bener? Malahan harta pakaya nu henteu dipaké ogé, naha urang geus nyumponan luyu jeung amanat Allóh SWT? Nyaéta satiap 96 gram emas wajib dizakatan 2,5 peresén.
Kacida pisan gedéna jeung lobana amanat anu ku urang wajib dicumponan. Dugika Kangjeng Rosul SAW netepkeun yén di antara tilu sipat tina sipat-sipat jalma munapék, nyaéta upama dibéré amanat sok hianat. Salajengna, salasahiji sipat utama ti satiap nabi sareng rosul téh amanat, bisa dipercaya. Malahan Rosul SAW kuanjeun ngabuktikeun ti leuleutikna ku masarakat parantos dikenal al amin jalma anu bisa ngajaga jeung nyumponan amanat.
KIWARI di masarakat urang aya ‘fenoména’, gejala atawa totondén anu ku urang sadaya kedah ditapakuran; yén disabudeureun urang, karasana geus tumuwuh sarupaning krisis amanat. Mingkin langka jalma-jalma anu bisa nyumponan jeung ngajaga amanat. Jalma anu palinter mingkin loba, tapi naha jalma-jalma anu bisa ngajaga jeung ngaraksa amanat kiwari sarua ngalobaan? Lembaga-lembaga anu ngalahirkeun manusa pinter ti poé ka poé mingkin balatak. Tapi naha aya lembaga anu bener-bener ngayugakeun manusa anu al-amín?
Bener dawuh Kangjeng Rosul SAW yén ciri iman anu panghéséna diwujudkeun téh amanat. Malahan di antara ajaran Islam anu pangheula-heulana jaga leungit ti masarakat, saur Rosul SAW, “amanat jeung amanat”. Muga-muga urang kalebet jalma-jalma anu tiasa nyumponan amanat. *** Bina Da'wah /blogdakwah.com