Ku : Ki Édas
BALA, hartina loba jukut atawa runtah balatak. Kebon nu bala ku jukut, lantaran dinatep teu dipiara, teu dikoréd, moal meunang hasil nu mucekil. Moal meunang hasil anu nyugemakeun. Kitu deui agama urang, agama Islam, mun diantep sina bala ku kayakinan anu jolna lain tina Al-Quran sareng As-Sunnah, bakal timbul nerekab mangandeuh TBC (Tahayul Bid’ah jeung Churopat). Akibatna aqidah urang moal ajeg. Aqidahna moal bener tur beuneur, sabab kalindih ku mangandeuh TBC téa. Kecap bala ogé boga harti balai, nyaéta musibah. Nyekel agama anu bala ku mangandeuh TBC, bakal nimbulkeun balai. Baris ngondang pibahayaeun. Dina basa Arab, kecap bala hartina, enya, sumuhun, leres, teu mangmang. Al-Quran ngembarkeun waktu manusa nu doraka di giring ka naraka, ditanya ku Malaikat nu ngajaga di dinya: ”Naha encan datang ka anjeun jalma anu ngélingan?” Qolu bala – Jawabna: “Leres tos aya”. Tah Jalma nu nyekel agamana barala bakal meunang bahaya boh di dunya pon kitu deui di akhérat.
Bale, nyaéta tempat masamoaan, musyawarah atawa kantor. Balé-désa, tempat masamoan rahayat di éta désa. Balé-kota, kantor Wali Kota. Balé-nyungcung, masjid tempat nikahkeun. Tempat nu ngaranna balé bisana mah bareresih, teu kotor loba runtah jeung kebul, da di sok urus téa. Tina harti éta kecap (bala sareng balé) kitu, nya ka bala ka balé téh, boga harti teu bauan. Dibawa kanu bala mangga, dibawa kanu beresih ogé teu matak risih. Nya tidinya harti babasan ka bala ka balé téh, nyaéta bisa asup kamana baé. Teu tumarumpang. Gempung jeung pangagung teu matak bingung, nyobat jeung rahayat teu matak werat. Namung jalma anu ka bala ka balé téh aya hadéna aya goréngna. Alusna nya bisa mihapekeun diri. Nyaluyukeun diri, teu nyemah. Moal kalaparan. Teu pugag kana gawé. Digawé kasar moal humandeuar, digawé lemes, bakal mulus. Nu kitu kasebutna jalma masagi.
Ari goréngna, jalma kabala-kabale téh nyaéta ngarupakeun jalma anu teu panceg. Pucuk awiaan. Condongna kumaha datang angin. Jalma NU, punten sanés Nahdatul Ulama, tapi jalama nu resep Nurut Udud. Bisa ogé disebut jalma nu imanna ngolémbar. Hirup di lingkungan pasantrén, saperti santri. Maké baju koko, disarung sarta maké kopéah haji. Kitu deui mun hirup di tempat jalma baragajul, jadi jalma gejul. Lima M (em), Madat, Maling, Madon Maén, jeung Maténi bakal eunteup dina dirina. Madat resep nginum arak jeung narkoba nu ngalantarankeun mabok. Malah teu saeutik nu nepi ka jengker. Maling, maok, korupsi jeung babadog. Maén nyaéta ngadu alias judi téa. Madon, resep ka awéwé nu lain muhrim. Nu disebut palacur téa. Nu kiwari lacur, zinah saolah-olar dimeunangkeun, dihempékeun. Pamaréntah ngahucuhkeun. Kaluarna PP (Palaturan Pamaréntah) no 61 tahun 2014 ngeunaan aborsi, ngagugurkeun kandunganana. Tapi aya saratna. Nyaéta, matak ngabahayakeun pikeun indungna. Indungna boga panyakit anu parna, TBC jeung sajabana. Orokna teu walagri. Sarta nu ngandungna akibat diperkosa. Sarat nu ieu bisa diséléwéngkeun. Bisa baé awéwé anu katalanjuran nepi ka bungkeuyeung, terus lapor ka pulisi, ngakuna diperkosa. Sarat ieu bisa dihartikkeun, mun rék zinah mah pék baé. Mun engké beuteung bureuyeung, ngaku wé diperkosa. Pan bérés.
Kiwari mah jalma anu ka bala ka balé téh geus teu anéh. Utamana ka bala ka balé dina nyekel agamana. Idul Adha, idul Fithri ramé-ramé ka lapang jeung ka masjid, tapi Natalan ogé teu kaliwat. Ngilu aub ancrub asup ka garéja. Tahun baru nyambut kalawan khusyu’ jeung daria. Dibélaan sapeuting jeput teu saré. Waktu Romadlon, toko-toko dihias ku atribut muslim. Pramuniaga lalaki diparéci, awéwé maraké tiung, dijilboob. Sirah buni tapi pakéan saraket awak, nyitak birit. Lika liku awakna atra katénjo. Namung urang Hindu nu aya di Bali ningali pagawé swalayan dina bulan Romadlon kamari maké pakéan muslim, protés. Umat Islam teu toléran, pan di Bali téh pangeusina nu ngagem Agama Hindu? Cenah. Kuduna mah bisa ngahormat ka penduduk di dieu, cenah. Tapi anéhna naha maranéhna henteu protés ka turis anu bubulucunan di basisir? Lebah dinya mah duka naon anu jadi patokanana, meunang jeung teu meunangna maké papakéan di Bali. Tapi urang émut kana dawuhan Alloh SWT, yén manéhna lain ngéwa ka anjeun, tapi ngéwa lantaran anjeun geus iman ka Alloh. Jadi kaom muslimin teu kudu héran. Sipat maranéhna kitu, ti baheula nepi ka bihari, teu béda, teu robah. Teu dipiceun sasieur.
Aya deui anu ahéng nu kungsi kabandungan ku urang kiwari. Persidén dina waktu ngaresmikeun situs Pekabaran Injil nu aya patung Yésus Raja nu jangkungna 30 méter di pulo Mansinam Papua Barat, sanggeusna ménta berkah ti Tuhan, anjeunna ngucapkeun: “Bismillahirrahmaanirrohim”. Padahal ucapan kitu teu aya dina ajaran Nashroni mah. Boa ieu ogé geus kaabus ka bala ka balé? Wallohu’alam. *** Majalah Islam Bahasa Sunda - Bina Da'wah