Blogdakwah.com-- Temen bagja jalma nu dipaparin kurnia ku Allóh ku
mangrupa kaluang jeung karep pikeun ngamalkeun sagala rupa lolongkrang kahadéan anu
ditémbongkeun ku Allóh ka
dirina. Jeung kacida untungna jalma nu dibéré sagala
rupa kaunggulan ku Allóh, tur
dipaparinkeun ka manéhna kasanggupan pikeun ngamangpaatkeunana
kalawan sajembar-jembar pikeun kamangpaatan jalma loba. Demi darajat hiji jalma
éta bisa ditingali tina ku loba méré mangpaat
ka nu lian. Dina hal ieu Kangjeng Rosulullóh SAW ngadawuh,
"Panghadé-hadéna jalma di antara maranéh nyaéta anu panglobana
mangpaatna keur nu séjén" (H.R. Bukhari).
Hadits nembé méré
kacindekan ka urang sadaya, lamun seug urang hayang ngukur darajat kamulyaan ahlak
urang sadaya, nya diukurna téh kudu
tina ajén mangpaatna diri urang sadaya. Manusa bakal dianti-anti
datangna lamun téa mah dipikasono, loba mangpaatna. Malahan haté
jalma-jalma nu ngabandungan kana laku lampahna bakal tamplok ka manéhna. Ciri-ciri
nu katingali ti jalma tadi di antarana, manéhna téh kaasup
jalma nu gedé kaérana ku
aranglangka ngaganggu batur, nepi ka batur téh ngarasa
aman ti dirina. Paripolah sapopoéna leuwih
loba amal hadéna. Omonganna salawasna diraksa, tara
ngamomonyah omongan, nepi ka leuwih loba digawéna batan
nyaritana. Saeutik salahna, tara daék opénan kana urusan nu lain hakna, jeung karasa
ni’matna lamun migawé amal hadé. Sapopoéna tara lésot tina
ngajaga silaturrahim, sikepna pepek ku wiwaha, sobar, handap asor jeung soméah, bisa
ngadalikeun diri ogé euyeub ku kahéman ka
sasama.
Jalma anu boga ahlak hadé geus
tangtu moal resep ngalaknat, nyacampah jeung ngarurucah, mitenah, jeung ngaguguyon,
moal boga sikep gurungrusuh, sirik pidik jeung dengki, korét, atawa
hasud jeung ngadudomba batur. Sawangsulna dirina bakal boga wajah nu marahmay, handap
asor, mikacintana bakal karna Allóh,
mikabencina ogé bakal karna Allóh, tug
nepi ka ambekna ogé bakal karna Allóh SWT.
Subhanallóh, hirup kumbuhna téh kacida
pisan éndahna. Kusabab kitu, saha baé jalma nu
aya sagigireunna pasti bakal kapincut haténa. Ucapanna
bakal terus matri dina ingetan jalma nu ngabandunganna. Sikep handap asorna ogé bakal
meruhkeun haté jalma nu keur wera. Jeung lamun téa mah,
jalma nu boga ahlak mulya ieu tos teu aya dikieuna, nya saha baé ogé bakal
ngarasa leungiteun, bakal karasa aya nu kosong tina kalbu urang sadaya.
Sawangsulna lamun hiji jalma ayana téh teu
dipiharep, sabab ukur bakal jadi bangbaluh jeung kasusah, jeung dina nalika
euweuhna matak dipikabungah. Naudzubillah! Taya salahna lamun téa mah
sakedapan mah urang tapakur. Pék
tanyakeun kana diri urang sadaya, naha urang téh jadi
budak nu nguntungkeun jeung nyugemakeun nu jadi kolot atawa saukur jadi mangandeuh
wungkul? Naha ku ayana urang téh masarakat
ngarasa meunang mangpaat atawa malah sabalikna? Ka anu jadi kolot, urang ogé kudu nalék ka diri
urang séwang-séwangan, naha
nu jadi anak urang geus ngarasa agul boga kolot saperti urang? Naha diri urang
téh hiji pajabat atawa penjahat? Naha diri urang téh hiji
pangusaha atawa bangsat meles?
Jigana, dina nalika urang keur ngeunteung, urang
téh ulah saukur merhatikeun waruga wungkul, tapi pék tingali
ahlak jeung laku lampah nu ku urang geus dilakukeun. Hanjakalna, aranglangka
jalma nu wani jujur jeung teu bohong kana diri, lolobana ngarasa pinter padahal
bodo katotoloyo, ngarasa beunghar padahal miskin, ngarasa boga komara padahal
hina. Padahal boga ahlak hadé ka
sasama téh asalna mah ku jujur ka diri sorangan.
Manusa mah taya nu sampurna, kabéh ogé pasti
boga kakurangna. Aya nu dipaparin kapinteran ku Allóh, tapi
teu boga cukup waktu, tanaga jeung harta banda. Sawaréhna deui
boga harta banda loba, tapi heureut ku élmu
pangaweruh, waktu jeung tanagana. Aya deui jalma nu miskin tapi cerdas, ngan
hanjakal teu boga harta nu cukup, jeung réa-réa deui. Pék hirup téh sing
jadi jalma nu gedé mangpaatna pikeun nu lian ku kaunggulan nu
dipiboga ku urang. Lamun urang boga élmu
pangaweruh nu lega batan batur, pék
ajarkeun ka nu butuh. Lamun urang boga harta banda loba, sebarkeun kahéman jeung
kanyaah urang téh ku zakat, infaq jeung shodaqoh. Pon kitu deui
lamun urang dipaparin kaunggulan ku tanaga, waktu jeung kaunggulan séjénna anu
ku urang dipiboga. Nepi ka urang bisa méré mangpaat ka nu séjén, ku
ayana urang di masarakat téh matak
nengtremkeun jeung ningtrimkeun ogé
dianti-anti ku nu séjén.
Kitu deui ka lingkungan, urang ogé kudu
boga ahlak hadé. Saperti ka sasatoan, ari teu dibutuhkeun mah
teu kudu diganggu atawa dinyerikeun. Sakapeung nalika urang keur ulin di taman
tuluy diuk dina jukut héjo, kalawan
teu sadar jukut nu aya gigireun tempat diuk urang ku urang dicabutan bari teu
puguh alesanana. Padahal jukut, dangdaunan, jeung pepelakan nu aya di ieu alam
téh keur tasbéh ka
Mantenna. Kacida pisan hadéna lamun téa mah
mahluk naon baé nu aya disabudeureun urang éta
ngarasa teu kaganggu ku urang. Kaasup nalika nyébor atawa
ngala kekembangan, pepelakan jeung tutuwuhan séjénna, éta kudu
ati-ati, demi pepelakan ogé
ngartieun kana naon-naon nu dilakukeun ku urang ka dirina.
Hayu urang buktikeun, tina ibadah shaum nu
parantos ngadidik jeung ngatik diri urang salami sabulan campleng kamari dina
hirup kumbuh sabelas bulan kahareup, yén diri
urang téh gedé
mangpaatna pikeun nu séjén. Kacida
pisan éndahna pribadi nu euyeub ku pirang-pirang
mangpaat, saperti panon poé nu
nyaangan bumi, bisa numuwuhkeun sisikian, pepelakan harirup, kekembangan
malekar, nepi ka muterkeun roda kahirupan. Kitu deui, cahaya pribadi urang ogé sakuduna
mah bisa ngagedurkeun sumanget saha baé, lain ukur diri urang wungkul, tapi ogé nu séjénna dina
migawé amal hadé nu
ginuluran kurnia Allóh SWT. Masing inget, hirup mah ukur sakali jeung
sakeudeung, geusan sakuduna urang bisa ngamaksimalkeun ajén-ajén
mangpaat diri urang, nyaéta jadi
saperti nu didawuhkeun ku Kangjeng Nabi SAW, minangka khoirunnas. Panghadé-hadéna manusa!
Barokallohu lii walakum.
(Khotib: Iman Setiawan Latief/Bina Dakwah)